Sundanese English

kids

Bu Lia téh guru basa Inggris anu katelah the killer, ceuk barudak mah. Barudak awéwé mah biasana balageur, béda jeung barudak lalaki nu borokokok. Unggal rek réngsé palajaran, anjeunna sok ngetést murid-muridna.
"Ayeuna ibu rék ngetést maranéh ihwal irregular verb, anu bisa ngajawab bener, meunang balik ti heula !" saur ibu guru Lia. "Anu teu bisa, nangtung di hareup nepi ka ibu kaluar ti kantor!", ibu ngancem.
"Fitha, sok sebutkeun contona irregular verb."
"Bring - brought - brought, hartosna nyandak."
"Alus. Cikan Yogi! Tong heureuy baé !" Si Yogi katelah tukang heureuy.
"Dag - dig - dug, hartosna abdi teu acan ngadamel PR".
"Nangtung di hareup! Dadan! "
"Brang - bréng - brong, hartosna ema ngambek di dapur alatan teu gaduh béas."
"Nangtung di hareup! Dikdik!"
"Begang - begéng - begung, hartosna siga awak Datuk Maringgih."
"Nangtung di hareup! Yusuf!"
"Dar - dér - dor, hartosna perang di Irak jeung Paléstina."
"Nangtung di hareup! Mahmud!"
"Pak - pik - pek, hartosna abdi bébérés di bumi."
"Bohong manéh mah tara bébérés. Nangtung di hareup! Endang!"
"Blag - blig - blug, hartosna si Atun diajar leumpang."
"Nangtung di hareup! Nandang!"
"Brak - brik - brek, hartosna awut-awutan."
"Nangtung di hareup! Naddy!"
"Plak - plék - plok, hartosna bararahé."
"Masingna asé réhé atuh! Nangtung di hareup! Epul!
"Cas - cis - cus , hartosna nyarioskeun batur."
"Nangtung di hareup! Kabéh baralegug! Doddy!"
Si Doddy téh budak nu geumpeuran, titatadi geus ngahodhod sieuneun ditanya. Ayeuna ditanya pisan ku bu Lia. Bakating ku geumpeur, ari seduuut téh hitut!
"Brat - brét - brot nyah!?" saur ibu Lia mayunan." Kaluar kabéh!" ibu Lia bendu.

Emailed to me to my ex co-worker who recently moved to Bandung. It surely reminds me of my days in that city: Hilarious people and fresh jokes everyday.

Comments

Popular Posts